Obor Karari
Karya: Muhammad Farid Rubiansyah
Kelas: 8E
Manéhna aya kénéh dina luhureun
ayun-ayunan. Manéhna anggur sidakep
bari olohok teu ngiceup-ngiceup. Padahal, wanci geus sariak layungna. Méga geus
angkeub. Moal lana deui, brét cai jiga nu dikucurkeun ti langit, ngabaseuhan
dunya, ngabaseuhan manah anu kacida garingna.
Hayang
pisan kuring téh ngabagjakeun manéhna. Dijajap dianteur ka imah, nedunan sagala
kahayangna. Hanjakal. Kuring kawas kapuk kaibunan, taya tangan pangawasa,
rarasaan téh beurat, teu cong teu ceup.
Saprak manéhna, adi kuring
nyalametkeun kuring ti si bebel nepi ka hanteuna, tilar di bumi alam, kawas
iwak nangtang sujén. Ngan nu matak nyentug téh, leungeunna nyekel kana paha.
Sedeng Tapi ayun-ayunan mah oyag, suwung.
“Hayu mulih néng, hujan. Ihlaskeun
baé patina. Matak kitu ogé geus dipasti ku jangji, dipundut ku nu kawasa. Bapa
mah yakin mantenna tos ngajeneng di bale tingtrim.” Bapa nyarita.
Unggal poé kuring mindeng nempo.
Manéhna diuk dina ayun-ayunan. Kitu wé
unggal poé téh, tara lana, ngagedur sakedapan laju pareum teu nyésakeun ruhak,
lir obor karari.
0 Komentar:
Posting Komentar