Dongéng Kompor
Karya: Muhammad Farid Rubiansyah
Kelas: 8E
Geus aya kana
samingguna, kompor di imah mang Andi teu daékeun hurung. Eta kompor téh geus di
parios ku mang Andi, tapi teu katawis naon masalahna, tuluy éta kompor téh
dibawa ka tukang sérvis. Ceuk si tukangna mah aya spare part anu ruksak jeroeun
komporna, namung da ari hoyong dibenerkeun mah spare partna moal bisa poé éta
alatan di tempat sérvisna keur kosong spare part mah.
Tungtungna mah
lieur. Ari mang Andi karunya ka barudak teu bisa deui ngasaan pasakan
pamajikanna, ari pamajikanna geus sabaraha poé ieu ukur bisa meulian deungeun
sangu ti batur. Ari bahan asakan di kulkas tetep baé ngajugrug, antukna jadi
parab jarian. Ari meulian waé deungeun sangu ti batur, atuh duit téh bisa
tekor, dompet jeung saku bisa jadi logor.
“Meuli nu anyar
atuh komper téh. Ieu geus ateul lengeun teu bisa pak-pik-pek di dapur. Da ari
nungguan ti tukang sérvis mah teuing iraha boa nyalséna gé.” Ceuk pamajikan
mang Andi semu kukulutus.
“Montong ayeuna,
neng. Can gajian ti dituna. Sabenerna mah bisa dicandak heula gajina ayeuna.
Ngan nya engké, bulan hareup moal bisa gajian,” témbal mang Andi.
“Tingali nyi, meni
watir si bapa teu bisa meuli kompor anyar,” ceuk budak cikal mang Andi bari
ngaharéwos ka adina.
“Terus kudu kumaha
atuh?” Adina nu bungsu nanya.
“Ké isuk urang
téangan nu béréhan. Sugan wé aya nu daékeun béréhan kompor mah,” ceuk si cikal
tuluy nyikikik.
***
Isuk rebun kénéh,
mang Andi kaciri jiga nu bingung, mondar-mandir teu jelas di hareupeun téras.
Biasana mah wayah kitu mang Andi téh sok nginum kopi. Tapi alatan kompor jang
ninyuh caina ngadat, antukna mah ukur bisa kikituan wéh ayeuna mah.
“Moal bener ari
kieu waé mah caritana. Baé ah kompor mah, paduli rék ngiridit ogé, asal dapur
masih bisa ngebul,” gerentes haténa mang Andi, tuluy gék diuk dina korsi.
Regot cai téko, asa cai kulkas karasana.
Haneut moyan,
pamajikan mang Andi geus réngsé dadasar warung rék ngajajakeun sayuran,
bungbuahan, samara dapur. Kabéh sayur di kulkas dibijilkeun, da sieun kaburu
buruk alatan teu bisa dipasak gara-gara kompor ngadat.
“Néng, Aa bade kaluar
heula sakedap rék milari artos injeumeun méh bisa ngiridit kompor.” Mang andi
kaciri geus teu sabar hayang geura-geura boga kompor anyar.
“Nya, A. sumanget
milarianna nya. Ngarah engké bisa ngebul deui dapurna, nya!” Pamajikan mang
Andi méré motivasi. Mang Andi nu rada éraeun kikiclikan ngingkig semu nu lumpat
ti téras imah.
Teu lila, dua
budakna mang Andi kaluar ti tepas imah. Pok bebéja ka indungna rék ulin jeung
babaturanna. Heug di izinan. Teu lila jul-jol ibu-ibu pada daratang ngalarisan dagangan
pamajikan mang Andi. Ari keur pak-pik-pek ngaladangan nu malésér, jol aya mobil
box ditémpélan spanduk “Modeuna.”
“Jadi kieu kang.
Abi téh aya peryogi kadieu rék ngiridit kompor gas, baé lah kompor gas tilas nu
murahan gé. Tuman pamajikan kawas nu ngidam budak katilu waé. Teu kaopan sapoé
dapur teu ngebul téh. Kukulutus, ngocoblak waé di warung jeung paguyuban
ibu-ibu bonnan.” Mang Andi pok nyarita ka kang Acep, tukang parabot di
lemburna.
Kang Acep nyakakak
seuri tuluy pok ngomong. “Heug baé rék ngiridit kompor mah, ieu aya mérek ‘Reuneuh’.
Kuduna mah, ieu téh ngiriditna 700.000, tapi baé lah harga dulur mah jadi
500.000. bisa lah dicicll tilu bulaneun. Kumaha, rék moal?”
“Widih, alus euy.
Sok atuh, yeuh urang mawa duit dp-na 100.000. Mana atuh komporna, rék dibawa
ayeuna yeuh.” Mang Andi kaciri bungah pisan. Asa kokoro manggih mulud, puasa
manggih lebaran. Geus kitu mah tenang lah, moal deui ngadéngé pamajikanna
ngocoblak nitah meuli kompor. Mang Andi cengkat tina korsi bari seuri bangun nu
bungah pisan.
***
“Héy, naha manéh
jiga nu leuleus kitu. Can sasarap sugan?” Ceuk baladana budak mang Andi basa
maranéhanana keur arulin di lapang désa.
”Puguh wé da kompor
ngadat di imah. Heueuh sih bisa kénéh dahar sangu mah, tapi kan ari deungeunna
euweuh, asa teu niat rék sasarap gé, tungtungna mah henteu wé sasarap téh.”
Témbal si budak cikal bari leuleus.
“Karunya pisan,
makaning geus aya samingguan leuwih euweuh kompor téh. Yu atuh udunan keur
meulikeun kompor, kan duit Tabungan maranéh téh geus aya 500 leuwih mah, urang
beulikeun kompor tilas wé.” Ceuk baladna nu lian mani sapokna.
“Sabenerna mah
lebar sih duit sakitu lobana jang udunan meuli kompor hungkul téh. Tapi, demi
geus lila ngabalad, nya pék lah, paké wé.”
“Tah urang gé milu
udunan.” Salambar-salambar duit di golerkeun dina golodog saung di lapang désa
ti balad-baladna budak mang Andi.
Duit sapuluh, dua
puluh, lima puluh, aya kana sabaraha lembarna diasupkeun kana kélér tilas kueh
kakarén jang udunan meuli kompor tilas. Budak nu cikal ukur bisa nyengir
ningali duit meni numpuk na jeroeun kéler. Ari geus pinuh mah kélerna, der
ngider néangan tukang parabot di lembur éta. Balad-balad na mah ukur bisa nepok
tarang wé jeung ngelus dada.
***
“Alhamdulillah,
ayeuna mah geus teu kudu lieur deui mikiran bahan asakan di dapur, da gening
teu di téang ogé, komporna sorangan anu ngadatangan léwat kiridit mobil boks nu
démo tadi. Ngan nya watir wé kétang si Aa bisi can mendakan duit injeumeun. Baé
wé lah, ké béjaan lamun geus balik.” Ceuk pamajikan mang Andi bari ngusapan
kardus eusi kompor kiridit mérek “Modeuna”.
Teu lila, mang Andi
datang bari nyumputkeun lengeun tukangeun tonggong da rék méré “surprise”
kompor “Reuneuh” nu butut tilas ngiridit ti kang Acep tadi.
“Tah, ieu kompor
kahayang enéng téh! Baé nya tilas gé, nu penting mah ni’mat di pakéna, ngebul
dapurna.” Mang Andi meni néngtéréléwéng boboléh ka pamajikanna bangun bungah
pisan.
“Alah, A. Naha
komporna jadi aya dua kieu. Kumaha engké ngurusna, jaba éta kompor sarua
meunang ngiridit nya,” pamajikan mang Andi reuwaseun bari nepok tarang lantaran
komporna jadi aya dua. Mang Andi kalah jadi saruana, bingung bari gégétrét
sirah najan teu ateul.
Keur kaayaan
lalieur kitu téh. Torojol budak dua, si cikal jeung si bungsu nyunyuhun kardus
panjang bari aya mérek “Kualum” ngadeukeutan buruan imah. Kaciri ku mang Andi,
atuh saharita kénéh cur késang tiis. Keur mah pamajikanna kawas nu jantungeun
waé, matak pikahariwangeun, kaciri aya berenyit dua jiga nu rek nambah
pikahariwangeun. Haté mang Andi dag-dig-dug teu karuan saprak ningali budakna
nu dua méré “surprise”.
“Surprise!!!
Tingali ieu aya naon mah. Aya kompor anyar, jadi engké mamah teu kedah lieur
deui mikiran di dapur kudu kumaha, tos aya kompor da dipangmeserkeun ku
rerencangan!” Ceuk si bungsu mani sumanget pisan méré surprise ka mamahna.
Nyat usik, kaciri
kardus kompor numpuk tilu rupa mérek “Modeuna”, “Reuneuh”, jeung “Kualum” aya
sahareupeun. Na atuh pamajikan mang Andi kalah ngajéréwét bari nyenyekel buuk.
“Euleuh-euleuh, ieung. Naha jadi kieu caritana!”
Reg aya motor
eureun hareupeun buruan imah mang Andi. Kaciri aya kurir mawa kardus ditulisan
“Tusbol”. Éta pamajikan mang Andi kawas nu rék ngajéréwét deui tapi ayeuna mah
napasna kapotong-potong.
“Leres ieu bumina
mang Andi?” ceuk si kurir téh.
“M…muhun kang.
A…aya peryogi naon?” témbal mang Andi bari terus gék diuk dina korsi téras semu
ngabigeu. Barudakna ukur bisa olohok.
“Oh. Ieu kompor téa
pesenan di sérvis, numawi parantos réngsé dilereskeunna. Janten ieu total
nyervis kompor téh 350.000.” Ceuk si kurir bari seseurian hareupen pamajikan
mang Andi.
“Alah gustii!
Ieuung! tobaat! Ari kieu mah caritana, dapur téh geus lain ngebul deui,
bisa-bisa kahuruan unggal poé ogé ieu mah atuuuh!” Lep, pamajikan mang Andi
ujug-ujug ngagubrag tina korsi tuluy ngajoprak na téhel téras. Puguh, mang
Andi, barudakna, jeung si kurir saroak kabéh.
Keur kaayaan kitu
téh, mang Andi ngadeukeutan pamajikanna da di gupayan. Tuluy pamajikanna hos
ngaharéwos. “A. kompor nu ‘Reuneuh’
balikkeun deui wé ka kang Acep, pénta deui duitna. Anu ‘Kualum’ bawa ka
lembur séjén, tuluy jual ka tukang parabot saharga tilu parapateun harga awal.
Ké nu ‘Modeuna’ ieu mah, urang ruksak heula. Untung aya garansi genep bulan,
sugan wé bisa dipaké, ké ditukeur ku duit.”
Mang Andi mah ukur
bisa nyengir bari nyipitkeun socana. Rencana anu geus alus diatur keur
pamajikanna ujug-ujug jadi bencana. Bari cengkat nangtung, mang Andi ngomong ka
si kurir bari api-api nyakuan pésakna. “Punten nya, A. pami tiasa mah abdi bade
ngabon heula nya. Kaleresan ieu nuju teu gaduh artosna. Punten pisan nya, A.”
Kurir na mah ukur bisa seuri wé, éta ogé bari rada ngemu kakesel da ngarasa
geus diheureuykeun.
***