Mading Digital

NESAMA
  • Sarana dan Prasarana

    Sarana dan Prasarana SMPN 1 Malangbong

  • Home

    Mading Digital SMPN 1 Malangbong

  • Informasi

    Info Grafis SMPN 1 Malangbong

  • Informasi

    Program Unggulan SMPN 1 Malangbong

Tampilkan postingan dengan label Carpon Bahasa Sunda SMPN 1 Malangbong. Tampilkan semua postingan

Kuéh Kakarén Taun Pulitik

                                                          Kuéh Kakarén Taun Pulitik

Karya: Muhammad Farid Rubiansyah

Kelas: 9K

          “Sah…!” Kitu ceuk urang lembur Sugih kabéh harita basa pa Dadang punjul jadi RT di dinya. Urang lembur pada kaleprok ka pa Dadang anu geus punjul dina pemilihan ketua RT di lembur Sugih.

          “Wah,, haturan pa, tos janten RT lima periode, ayeuna meureun anu ka genep. Mugia apanjang-upunjung lemburna.” Cék sainganana.

          “Alhamdulillah, aamiin. Hatur nuhun kana perhatosanna, hapunten nya pajeng waé,” saur pa Dadang bari sura-seuri.

          Salila Pa Dadang nyepeng kalungguhan RT lima periode, manéhna nyieun rupa-rupa kagiatan di lembur Sugih, salah sahijina mekarkeun paguyuban ibu-ibu PKK. Tapi, najan paguyuban ibu-ibu PKK geus aya kira dua taunna, anu jadi anggotana mah ngan tiluan, nyéta ceu Linda, ceu Mumun, jeung ceu Isah.

          Saréngséna kagiatan pemilihan ketua RT, ceu Mumun boboléh ka pa Dadang. “Pa, ayeuna bapa jadi deui pa RT deui. Kanggé tasyakur bini’mahna punjul janten RT jadi anu ka genep periodena, abdi salaku ‘budak asuhan’ bapa badé ngapromosikeun ‘kuéh législatif’ ka bapa sareng ka urang lembur.”

          “Euleuh-euleuh, kueh naon éta, mani asa kakara nadéngé, ceu? Buatan ibu-ibu PKK?” saur pa Dadang bari kerung mikiran éta kadaharan.

          “Pokona mah, antosan pagéto tamat pa, engké ogé bapa terang nyalira. Lamun tiasa mah pa, mangga dibéwarakeun ka urang lembur, supados janten mitra UMKM.” Cék ceu Mumun bari cungar-cengir, tuluy ngaléos nyampeurkeun balad sapaguyubanna.

          Pa Dadang anu masih bingung kana omongan ceu Mumun, tuluy leumpang kana podium pemilihan, pa Dadang ngahurungkeun mik sepiker tuluy méré béwara ka urang lembur Sugih sadaya. “Ka bapa-bapa kalih ibu-ibu sadaya. Dina raraga tasyakur sim kuring jadi RT anu ka genep kalina, kuring ngulem ka bapa-ibu sadaya, diantos di bumina ceu Mumun dina dinten salasa minggon payun”Baris diwanohkeun “kue législatif.”

          Puguh, ngadéngé béwara ti pa Dadang siga kitu, urang lembur Sugih pada baringung. Kabéh panasaran naon ari kue legislative. Saharita langsung raribut. Malah aya ogé urang lembur anu neundeun duit ka pa Dadang, panasaran hayang nyaho kumaha “kuéh législatif” téh. Kawénéhan harita oge keur usumna calon législatif daratang ka lembur-lembur sabab rék mayunan pilkada, caritana rék ménta dukungan.

Budak ceu Linda anu kabeneran keur aya di éta patempatan nyikikik seuri tuluy ngomong ka budakna ceu Mumun. “Watir teuing pa RT jeung urang lembur beunang ‘scam’ ti indung manéh.”

          “Baé lah. Berarti bener ceuk pamaréntah ogé, urang pilemburan mah masih loba kénéh anu telmi, telat mikir.” Ceuk budakna ceu Mumun bari seseurian. Geus kitu mah, soloyor duanana rék arulin jeung balad-baladna nu lian.

***

          Isukna, ceu Mumun datang ka imahna ceu Linda bari mamawa kérések eusi balanjaan ti pasar. Manéhna keketrok panto bari luak-lieuk ka sakuriling, teuing naon alesanna. Barang bral pantona dibukakeun ku ceu Linda, ceu Mumun langsung berebet asup ka jero tuluy ngajak diuk sagancangna.

          “Kunaon sih ceu, mani buru-buru pisan atuh.” Ceuk ceu Linda semu kesel pédah reuwaseun ku ceu Mumun.

          “Pokona mah kieu. Kamari abi janji ka pa Dadang rék nyieun kuéh, ayeuna bantuan abi nyieun ‘kuéh législatif’.” Cék ceu Mumun bari nutupkeun panto

          “Euleuh, paingan buru-buru kitu. Hayu atuh kadieu, kaluarkeun bahan-bahanna.”

          Ceu Mumun jeung ceu Linda tuluy pak pik pek di dapur nyieun “kuéh législatif”. Ari keur sibuk di dapur, torojol budakna ceu Mumun rék nyampeur budakna ceu Linda ulin. Ari budakna ceu Mumun nempo indungna keur aya di dapurna. Manéhna tuluy nanya. “Mah, keur nyieun naon di dieu?”

          “Keur nyieun ‘kuéh législatif’, émang naon kitu?” Ceu Mumun malik nanya.

          “Oh…” Ceuk budakna. Tuluy manéhna ngomong deui. “Mah, pamali siah mamah geus nipu pa RT jeung urang lembur kabéh.”

          “Manéh wé éta mah. Ari mamah nipu naon?”

          “Ari éta ‘kuéh législatif’ ideu mamah, pan éta téh sabenerna mah lain nu kitu. Terus ku mamah ké dijualan ka urang lembur, pédah urang lembur teu terangeun rusiahna. Watir atuh, urang lembur beunang ‘scam’ ti mamah.” Budak ceu Mumun mamatahan.

          “Yeuh, mamah mah ngan bade jualan, terus dimana salahna?”

          “Nya salah. Mamah geus méré arepan palsu. Urang lembur mah meureun ngarep-ngarep nu kumaha kuéh téh, ari pék téh sami-sami kénéh nu kitu.”

          “Baé ah éta mah lain salah mamah, bongan saha hayang waé percaya omongan mamah.”

          “Oh terserah. Ngan engké ku abi bade dibocorkeun rusiahna éta kuéh téh ka warga sadayana.” Cék budakna ceu Mumun bari ngemu kakesel. Ngadéngé budakna rék ngabocorkeun rusiahna, ceu Mumun langsung ngupahan. Tapi tetep baé budakna kesel.

          “Naon atuh kahayang manéh téh. Duit jang jajan?” Ceu Mumun masih keur ngupahan budakna ngarah teu ngabocorkeun rusiah “kuéh législatif”.

          “Enya atuh, meni teu pekaan pisan kana kahayang abi” Cék budakna bari kukulutus.

          “Tah duit mah, bawa wé. Tapi inget tong dibéja-béja ka sasaha mamah geus nipu.” Ceuk ceu Mumun bari nuluykeun ngaduk. Budakna seuri bari ugeuk-ugeukan, tuluy ngaléos jeung budakna ceu Linda anu geus nungguan ti tadi.

          Teu sawatara lila, torojol ceu Isah datang ka imahna ceu Linda. Sanggeus asup, ceu Isah ngomong. “Meni teu béja-béja rék nyieun kuéh téh.”

          “Tadina tuda buru-buru, bisi kanyahoan ku urang lembur ari rék ukur nyieun nu kieu hungkul mah.”

          “Oh nya, tadi abi pendak jeung pamajikanna pa Dadang, cénah ké pa Dadang rék kadieu isukan nempo heula barangna, geus jadi atawa acan.”

          Puguh, ngadéngé béja siga kitu mah, ceu Mumun jeung ceu Linda hariweusweus, sabab rusiah “kuéh législatif” téh bakal kabongkar. Tungtungna mah, pagawéan téh ditunda heula sapoéeun deui, da sieun kanyahoan ku pa Dadang yén éta téh lain adonan kuéh législatif pesenanna urang lembur.

***

          Heuleut sapoé. pabeubeurang, pa Dadang jeung pamajikanna datang ka imahna ceu Linda, rék nempo hasil pagawéan paguyuban ibu-ibu PKK téh. Barang neupi ka imahna, kasampak ceu Linda, ceu Mumun, jeung ceu Isah geus ngariung di dapur. Ana pa Dadang ningalian saeusi dapur, tuluy ngomong. “Euleuh-euleuh, geningan masih kénéh ngadonan kuéh, ari sugan téh tos aya anu asak.”

          Ceu Mumun seuri heureuy, tuluy ngomong. “Muhun pa RT. Adonanna téh can siap, margi kamari aya masalah sakedik, tapi da ayeuna mah tos lancar deui.”

          Sabenerna mah ceu Mumun jeung balad sapaguyubanna rada geumpeur lantaran pa Dadang jeung pamajikanna geus aya tilu jamna nempoan maranéhanana gawé nyieun “kuéh législatif” téh, sieuneun kapanggiheun maranéhanana geus nipu. Adonan kawas teu maju-maju waé jadi kuéh, angger baé cicing dina wadah baskom ngajentul, ari maranéhanana ukur gawé teu puguh. Ceu Mumun anteng dina wastafel, ceu Linda tonggoy dina lomari wadah samara, ceu Isah cindekul nunungguan oven anu ditagogkeun luhureun kompor.

          Tungtungna mah pa RT Dadang jeung pamajikanna ninggalkeun paguyuban ibu-ibu PKK rék nguruskeun pagawéan séjén. Geus euweuh mah, ceu Mumun, ceu Linda, jeung ceu Isah geuwat nuluykeun deui pagawéanna nyieun “kuéh législatif” anu can bérés. Adonan anu geus jadi ditambrukeun kabéh dina Loyang, tuluy diasupkeun kana oven anu handapana geus cakeutreuk hideung ku jalaga bales lila teuing ditagogkeun saluhureun kompor hurung tilu jamna. Hadéna wé teu matak picilakaeun.

***

          Kocap isukna geus dongkap kana poé salasa. Pasosoré, urang lembur Sugih jeung pa RT Dadang nyumpingan ka imahna ceu Mumun rék nempo naon sabenerna anu ngaranna “kuéh législatif” téh. Caritanana téh, urang lembur ogé rék niat bari silaturahmi, jadi maranéhanana mamawa dus kotak dahareun séwang-séwangan bari dikérésékan.

          Barang datang ka imahna ceu Mumun, urang lembur geus nempoan panggung leutik di buruan imahna. Di dinya geus aya paguyuban ibu-ibu PKK, taratih hareupeun méja anu kacirina aya barang anu ngahaja ditutupan ku sangku. Sagigireunna, aya pa RT Dadang jeung pamajikanna kaciri geus nunungguan éta sangku dibuka.

          Datang budakna ceu Mumun jeung ceu Linda bari ngangajak budakna pa Dadang anu karék bérés ulin jeung maranéhanana. Bari luak-lieuk, budak ceu Mumun tuluy ngaharéwos ka budakna pa Dadang. “Éh, ari kuéh téh kumaha?”

          “Geus aman lah. Ayeuna mah nu bakal kapok téh indung manéh, bongan geus nipu. Baé nya indung manéh bakal dinyenyeri haténa.” Ceuk budakna pa Dadang.

          “Baé lah, tuman. Sina Insaf saenggeus kieu mah.” Budak ceu Mumun rada semu camberut bari tungkul.

          Sedengkeun éta budak anu tiluan haharéwosan. Ceu Mumun jeung dua baladna ngabagikeun dus dahareun eusi “kuéh législatif” ka tamu-tamu anu haladir. Bari dipasihan saurang sadus, ceu Mumun ogé nampi dus dahareun ti urang lembur. Ti katinggaleun, pa Dadang ogé kabagéan dus dahaeun ti ceu Mumun.

          Geus kabagéan kabéh, tuluy ceu Mumun unjukan ka pa RT sangkan ngitung mundur ngarah urang lembur bisa muka dus eusi kuéh téh babarengan. Bari nyikikik seuri, ceu Mumun tuluy ngumpulkeun dus dahareun ti urang lembur di saluhureun méja panggung.

          “Hiji… dua… tilu…, sok atuh mangga dibaruka sareng mangga geura dilaleueut haturanna.” Ceuk pa Dadang.

          Ana brak dibaruka dusna, ceu Mumun, ceu Linda jeung ceu Isah kalah pada ngajéréwét, urang lembur Sugih pada héran bari sawaréh aya nu sareuri. Singhoréng ceu Linda jeung paguyubaan ibu-ibu PKK meunang jebakan ti urang lembur. Maranéhanana meunang dahareun sarua anu dibikeun ka urang lembur, si kuéh ”legislatif” tea. Nyatana “kuéh législatih” téh  ukur kuéh lapis legit anu geus pasaran.

          “Kumaha ceu Mumun, katampi kuéhna?” Cék pa Dadang bari nyikikik seuri.

          “Euh…! Ieu saha anu wani ngabongkar rusiahna kuéh jieunan urang, kan teu jadi untung kalah jadi buntung. Pasti ulah manéh ieu mah!” Ceu Mumun kukulutus bari nyentikkeun curukna ka budakna.

          “Sanes abi, mah. Tuh budakna pa Dadang anu ngabéjaan urang salembur téh, manéhna geus nyahoeun rencana mamah jadi teu anéh matak gagal ogé,” ceuk budakna bari nunjuk budakna pa RT.

          “Euleuh-euleuh ceu Mumun, matakna ari jadi jalma ulah sok nipu ka batur, kumaha lamunna dibalikkeun. Ulah karana hayang duit loba bari embung mikir jeung kerja keras, ideu kréatif anu sakirana ‘garing’ diréalisasikeun, tuluy dikoar-koar ka batur. Paribasana goong nabeuh manéh, hayang kaaku gawé ku batur…” Pa RT Dadang mani haripeut  mamatahan ceu Mumun jeung balad sapaguyubanna anu geus culas ka urang lembur.

          “Enya, hapunten abi. Abi rumasa geus culas ka urang lembur sadaya, tos nipu ka pala wargi sadaya ku ayana promosi ieu produk, tos nguciwakeun lantaran abi ngan tiasa ngapromosikeun kuéh siga kieu. Manawi pala wargi sadaya bade ngahapunten ka abi.” Cék ceu Mumun bari ngupahan.

          Singgetna mah, urang lembur Sugih embung manjangkeun masalah, ahirna mah ceu Mumun, ceu Linda, sareng ceu Isah dihampura. Tapi pa Dadang ngawanti-wanti mun hayang ngamekarkeun UMKM di lembur mah kudu laporan heula sing béntés ngarah jelas prak-prakanna, lamun bisa mah ngarahkeun urang lembur supaya bisa ilubiung dina saban kagiatan, boh kagiatan PKK atawa kagiatan sosial lianna. Nu matak pa Dadang bisa jadi pa RT genep période téh sabab manéhna bisa dipercaya pikeun jadi pamingpin urang lembur Sugih.

***

Kuéh Kakarén Taun Pulitik

          “Sah…!” Kitu ceuk urang lembur Sugih kabéh harita basa pa Dadang punjul jadi RT di dinya. Urang lembur pada kaleprok ka pa Dadang anu geus punjul dina pemilihan ketua RT di lembur Sugih.

          Wah,, haturan pa, tos janten RT lima periode, ayeuna meureun anu ka genep. Mugia apanjang-upunjung lemburna.” Cék sainganana.

Rusiah Di Kamar Zia

Rusiah Di Kamar Zia

Karya : Muhammad Farid

Kelas : 9K

          Bray muka, panto kamar balad kuring méléngé. Harita mangsa tumoké, kuring anu can saré mapah ngadeukeutan panto nu méléngé éta. Bus asup, pantona tuluy ditutupkeun rapet. Singhoréng kamar Zein, balad kuring téa. Manéhna kabeneran keur turu jeung dua balad kuring anu lianna di tengah imah, seubeuh geus ngomé péés ti geus isa kénéh.

          Kamar Zia kaciri rada balatak, teuing naon musababna. Bajuna nambru teu dilipetan dina kasur, cocooanna pabalatak dina téhel, buku-buku loba nu nalambru dina méja belajarna. Ngan nya éta, di sagigireun tumpukan buku pelajaran anu teu puguh kaurna, aya buku “diary” maké wadah kotak pulas konéng-bulao anu pasaran kaciri teu kakonci.

          Awalna kuring teu ieuh mikirkeun buku anéh éta. Ngan mimiti karasa anéh téh saprak siga aya nu ngaharéwos kana daun cepil nitah maca éta buku. Saharita kuring kendat ngucap “Allahu Akbar, Laa Ilaaha Illa Allah”. Tapi dasar iman jalma biasa teu kaop kacoél saeutik ku pakasaban goréng, pasti aya waé rasa kagoda kabita téh. Gap dicabak, ditoker selot koncina, tuluy dibuka kotakna.

Buku diari sampul gambar kartun kari muka eusina. Na hate téh ujug-ujug asa teu kawasa rék mukana. Asa teu téga rék nempo anu jadi rusiah balad salila ieu, tapi angger wé haté mah tagiwur teu puguh rasa, panasaran campur jeung rasa éra, ngan hanjakal harita rasa panasaran meunangkeun haté. Pes lampu kamar dipareuman ku kuring, digenti ku lampu dinding meunang nyolokkeun kana stop kontak.

          Dibuka kaca mimiti, aya tulisan sambung teu pati kaciri tulisan saha jeung teu kabaca. Muka kaca kadua aya gambar curat-corét, gurat jeung curek, keur kuring mah kalah kaciri jiga “lukisan abstrak”. Kaca ka tilu aya deui tulisan sambung, sarua teu jelas naon maksudna. Réy bulu punduk puriding puringkak. Tulisan éta diimeutan meni tonggoy pisan.

          Teu karasa geus rék sareureuh kolot deui, angger éta tulisan diimeutan mani anteng. Saking antengna, teu nyadar tukangeun aya naon, deukeut-deukeut anak taleus. Panto kamar muka ngan sorana teu kadangu saeutik-saeutik acan, ukur karasa aya nu mukakeun hungkul. Aya nu ngaléngkah ngadeukeutan kuring tapi jiga nu ngan rarasaan hungkul.

          Masing teu jelas aya naon, tapi karasa si Zia geus aya tukangeun kuring. Kuring ukur bisa ngomong sakacapétangna. “Hampura urang geus kokorotak di kamar manéh,” bari cipanon geus ngucur.

          “Hampura urang ogé geus ngakaya manéh.” Brak kuring diteunggeul ku si Zia teuing pédah naon alasan anu jelasna. Kuring ngajoprak teu inget di bumi alam.

***

Isuk-isuk rebun wanci balebat, loba jalma di imahna si Zia. Hanyir ngamalir, hawa gé hangru ngabeuleugeudeur. Kulit sirah layon ngaplék, panon mah teu molotot ngan beungeut ngadangheuak bari cewaw calangap. Ti dinya katara getih ngurutugna bareng jeung sesemplekan huntu…

Gogoda

Gogoda

Penulis: Ulfa Renita
Kelas   : 9G
Pengurus OSIS Sekbid 8

Dina hiji poé, aya dua anak adam anu rék nyampeur babaturanna. Maranéhna téh deukeut kacida. Nepikeun ma sagala gé di pigawé babarengan. Siga ayeuna, maranéhna rék ngilu pesantrén kilat anu aya di kampung na. Da emang ayeuna téh keur bulan suci, maranéhna boga kahayang ngalobaan ibadah dina bulan suci ieu babarengan.

"Yusman, hayu ngaji!" ceuk si Asep jeung si Fahri nyampeur babaturanna, si Yusman.

"Eh jang, Yusman mah tos angkat, bieu." Ngadangu sora indungna si Yusman nu ngomong, maranéhna buru-buru ka Musholla, da waktosna tos masuk.

Pas maranéhna nepi ka Mushala, maranéhna teu nempo si Yusman. Maranéhna téh atuh bingung, maénya wé indung na si Yusman ngabohong. Maranéhna sapakat, geus balik ngaji rék néang si Yusman bari rék ulin langlayangan.

"Ngabatalkeun puasa dina bulan Ramadhan hukumna haram jeung mangrupakeun dosa besar. Lamun kaadaanna teu jiga anu udhur, musafir atau dina perjalanan, nu hamil, nu menyusui, lansia, pekerja berat, jeung awéwé anu haid jeung nifas. Anu salianti éta, haram hukumna." Ustadzah di pangajianna nerangkeun, Si Asep jeung si Fahri téh ngaregepkeun, komo deui ayeuna ngabahasna pasal pikeun puasa. Geus baralik ngaji, maranéhna duaan buru-buru néang si Yusman.

Di sisi nu séjén, si Yusman kérék rék indit ngaji. Si Yusman leumpang lalaunan bari ngelus-ngelus patuanganna na. Ehh, pas si Yusman leumpang, Ceu Siti totorojol kaluar ti warungna.

"Yusman, Yusman, kadieu!" Si Yusman bingung, manéhna buru-buru nyampeurkeun si Bu Siti.

"Aya naon, Ceu? Ieu abdi téh tos telat, bade ngaos. Bieuna ka jamban heula Ceu, nyeuri patuangan." ceuk si Yusman bari ngusap-ngusap patuangan manéhna.

"Nyantai wé Man, tingali heula Euceu boga naon." 

"Emang Euceu boga naon?" 

Ceu Siti asup ka warungna. Teu lila, manéhna kaluar jeung samangkok dimsum di pananganna. Samangkok dimsum éta di simpeun di paharepeun si Yusman nu diuk di warungna Ceu Siti.

"Tah ieu téh ngaranna dimsum, Euceu rék ngajual ieu didieu. Sabab didieu mah euweuh nu ngajual nu aranéh siga kieu. Ieu mah gratis lahh keur Yusman mah, sebagai tester. Gratis tis tis!" ceuk si Ceu Siti sumanget.

"Eh Euceu pan puasa abdi mah!" Si Yusman buru-buru ngiserkeun si mangkokna.

"Moal aya nu apaleun, Man. Buru, engké mah moal gratis. Ke tarawéh balik deui kadieu, promisiin ka balad heem?"

Si Yusman téh bingung, manéhna inget keur puasa, tapi di sisi lain manéhna gé lebar da gratisan. Si Yusman téh bingung, tapi tungtungna mah di dahar si dimsum téh. Saprak sababaraha menit, si Asep jeung si Fahri totorojol.

"Astaghfirullah, Yuman! Cageur? Ari manéh keur naon?!" ngadangu sora babaturanna na, si Yusman panik kacida. 

"Kéla Man, dangukeun heula!" 

"Gandéng! Ayeuna mah lain balad deui. Hampura wé, euweuh balad nu ninggalkeun baladna kalaparan kieu, ari manéhna wareg. Mikir wé! Can dahar deui ti subuh!"

"Astaghfirullah.. Yusman! Manéh tadi ngaji, lin? Ceuk Ustadzah gé haram jeung dosa, ari maranéh!" si Adam nu tatadi cicing, kérék nimbrung, da manéhna gé bingung.

"Tong loba omong, diuk wé!" ceuk si Yusman.

"Ceu, ngadamel deui dua!" 

Maranéhna dahar dimsum éta, teu inget kana naon nu geus di ajarkeun di pangajian. Maranéhna dahar nepi ka sabaraha mangkokna, maké uang jajan keur infaq di Mushala. Maranéhna sangking nikmatna dahar, teu nyadar geus aya indungna si Yusman di tukang. Indungna si Yusman ngajéwér si Yusman satarikna.

"Aaww! Mamah!" jerit si Yusman.

"Maranéh téh rék jadi naon? Rék jadi seuneu naraka? Yeuh, éling. Indung maranéh téh méré bekel keur infaq, lain keur jajan. Rék naon atuh ngaji ari teu di terapkeun mah? Teu nyaah ka kolot? Rék euweuh jelema gé, Allah mah ningali!" Maranéhna tiluan menang ceramahan ti indungna si Yusman. Indungna si Yusman datang jeung adi na si Yusman, jadi si Yusman apal biangkerokna saha.

Saprak ti dinya, maranéhna ngaji téh bener. Tara deui ngabohongan diri sorangan jeung kolot. Maranéhna tara ngadangukeun setan-setan nu siga Ceu Siti kamari. Maranéhna percaya, sakur-sakur kumaha waé nyumput gé, Allah mah nyaho.