Rusiah Di Kamar Zia
Karya : Muhammad Farid
Kelas : 9K
Bray
muka, panto kamar balad kuring méléngé. Harita mangsa tumoké, kuring anu can
saré mapah ngadeukeutan panto nu méléngé éta. Bus asup, pantona tuluy
ditutupkeun rapet. Singhoréng kamar Zein, balad kuring téa. Manéhna kabeneran
keur turu jeung dua balad kuring anu lianna di tengah imah, seubeuh geus ngomé
péés ti geus isa kénéh.
Kamar Zia
kaciri rada balatak, teuing naon musababna. Bajuna nambru teu dilipetan dina
kasur, cocooanna pabalatak dina téhel, buku-buku loba nu nalambru dina méja
belajarna. Ngan nya éta, di sagigireun tumpukan buku pelajaran anu teu puguh
kaurna, aya buku “diary” maké wadah kotak pulas konéng-bulao anu pasaran kaciri
teu kakonci.
Awalna
kuring teu ieuh mikirkeun buku anéh éta. Ngan mimiti karasa anéh téh saprak
siga aya nu ngaharéwos kana daun cepil nitah maca éta buku. Saharita kuring
kendat ngucap “Allahu Akbar, Laa Ilaaha Illa Allah”. Tapi dasar iman jalma
biasa teu kaop kacoél saeutik ku pakasaban goréng, pasti aya waé rasa kagoda
kabita téh. Gap dicabak, ditoker selot koncina, tuluy dibuka kotakna.
Buku diari sampul
gambar kartun kari muka eusina. Na hate téh ujug-ujug asa teu kawasa rék mukana.
Asa teu téga rék nempo anu jadi rusiah balad salila ieu, tapi angger wé haté
mah tagiwur teu puguh rasa, panasaran campur jeung rasa éra, ngan hanjakal
harita rasa panasaran meunangkeun haté. Pes lampu kamar dipareuman ku kuring,
digenti ku lampu dinding meunang nyolokkeun kana stop kontak.
Dibuka
kaca mimiti, aya tulisan sambung teu pati kaciri tulisan saha jeung teu kabaca.
Muka kaca kadua aya gambar curat-corét, gurat jeung curek, keur kuring mah
kalah kaciri jiga “lukisan abstrak”. Kaca ka tilu aya deui tulisan sambung,
sarua teu jelas naon maksudna. Réy bulu punduk puriding puringkak. Tulisan éta
diimeutan meni tonggoy pisan.
Teu
karasa geus rék sareureuh kolot deui, angger éta tulisan diimeutan mani anteng.
Saking antengna, teu nyadar tukangeun aya naon, deukeut-deukeut anak taleus.
Panto kamar muka ngan sorana teu kadangu saeutik-saeutik acan, ukur karasa aya
nu mukakeun hungkul. Aya nu ngaléngkah ngadeukeutan kuring tapi jiga nu ngan
rarasaan hungkul.
Masing
teu jelas aya naon, tapi karasa si Zia geus aya tukangeun kuring. Kuring ukur
bisa ngomong sakacapétangna. “Hampura urang geus kokorotak di kamar manéh,”
bari cipanon geus ngucur.
“Hampura
urang ogé geus ngakaya manéh.” Brak kuring diteunggeul ku si Zia teuing pédah
naon alasan anu jelasna. Kuring ngajoprak teu inget di bumi alam.
***
Isuk-isuk rebun
wanci balebat, loba jalma di imahna si Zia. Hanyir ngamalir, hawa gé hangru
ngabeuleugeudeur. Kulit sirah layon ngaplék, panon mah teu molotot ngan
beungeut ngadangheuak bari cewaw calangap. Ti dinya katara getih ngurutugna
bareng jeung sesemplekan huntu…
0 Komentar:
Posting Komentar