Gogoda
Penulis: Ulfa Renita
Kelas : 9G
Pengurus OSIS Sekbid 8
Dina hiji poé, aya dua anak adam anu rék nyampeur babaturanna. Maranéhna téh deukeut kacida. Nepikeun ma sagala gé di pigawé babarengan. Siga ayeuna, maranéhna rék ngilu pesantrén kilat anu aya di kampung na. Da emang ayeuna téh keur bulan suci, maranéhna boga kahayang ngalobaan ibadah dina bulan suci ieu babarengan.
"Yusman, hayu ngaji!" ceuk si Asep jeung si Fahri nyampeur babaturanna, si Yusman.
"Eh jang, Yusman mah tos angkat, bieu." Ngadangu sora indungna si Yusman nu ngomong, maranéhna buru-buru ka Musholla, da waktosna tos masuk.
Pas maranéhna nepi ka Mushala, maranéhna teu nempo si Yusman. Maranéhna téh atuh bingung, maénya wé indung na si Yusman ngabohong. Maranéhna sapakat, geus balik ngaji rék néang si Yusman bari rék ulin langlayangan.
"Ngabatalkeun puasa dina bulan Ramadhan hukumna haram jeung mangrupakeun dosa besar. Lamun kaadaanna teu jiga anu udhur, musafir atau dina perjalanan, nu hamil, nu menyusui, lansia, pekerja berat, jeung awéwé anu haid jeung nifas. Anu salianti éta, haram hukumna." Ustadzah di pangajianna nerangkeun, Si Asep jeung si Fahri téh ngaregepkeun, komo deui ayeuna ngabahasna pasal pikeun puasa. Geus baralik ngaji, maranéhna duaan buru-buru néang si Yusman.
Di sisi nu séjén, si Yusman kérék rék indit ngaji. Si Yusman leumpang lalaunan bari ngelus-ngelus patuanganna na. Ehh, pas si Yusman leumpang, Ceu Siti totorojol kaluar ti warungna.
"Yusman, Yusman, kadieu!" Si Yusman bingung, manéhna buru-buru nyampeurkeun si Bu Siti.
"Aya naon, Ceu? Ieu abdi téh tos telat, bade ngaos. Bieuna ka jamban heula Ceu, nyeuri patuangan." ceuk si Yusman bari ngusap-ngusap patuangan manéhna.
"Nyantai wé Man, tingali heula Euceu boga naon."
"Emang Euceu boga naon?"
Ceu Siti asup ka warungna. Teu lila, manéhna kaluar jeung samangkok dimsum di pananganna. Samangkok dimsum éta di simpeun di paharepeun si Yusman nu diuk di warungna Ceu Siti.
"Tah ieu téh ngaranna dimsum, Euceu rék ngajual ieu didieu. Sabab didieu mah euweuh nu ngajual nu aranéh siga kieu. Ieu mah gratis lahh keur Yusman mah, sebagai tester. Gratis tis tis!" ceuk si Ceu Siti sumanget.
"Eh Euceu pan puasa abdi mah!" Si Yusman buru-buru ngiserkeun si mangkokna.
"Moal aya nu apaleun, Man. Buru, engké mah moal gratis. Ke tarawéh balik deui kadieu, promisiin ka balad heem?"
Si Yusman téh bingung, manéhna inget keur puasa, tapi di sisi lain manéhna gé lebar da gratisan. Si Yusman téh bingung, tapi tungtungna mah di dahar si dimsum téh. Saprak sababaraha menit, si Asep jeung si Fahri totorojol.
"Astaghfirullah, Yuman! Cageur? Ari manéh keur naon?!" ngadangu sora babaturanna na, si Yusman panik kacida.
"Kéla Man, dangukeun heula!"
"Gandéng! Ayeuna mah lain balad deui. Hampura wé, euweuh balad nu ninggalkeun baladna kalaparan kieu, ari manéhna wareg. Mikir wé! Can dahar deui ti subuh!"
"Astaghfirullah.. Yusman! Manéh tadi ngaji, lin? Ceuk Ustadzah gé haram jeung dosa, ari maranéh!" si Adam nu tatadi cicing, kérék nimbrung, da manéhna gé bingung.
"Tong loba omong, diuk wé!" ceuk si Yusman.
"Ceu, ngadamel deui dua!"
Maranéhna dahar dimsum éta, teu inget kana naon nu geus di ajarkeun di pangajian. Maranéhna dahar nepi ka sabaraha mangkokna, maké uang jajan keur infaq di Mushala. Maranéhna sangking nikmatna dahar, teu nyadar geus aya indungna si Yusman di tukang. Indungna si Yusman ngajéwér si Yusman satarikna.
"Aaww! Mamah!" jerit si Yusman.
"Maranéh téh rék jadi naon? Rék jadi seuneu naraka? Yeuh, éling. Indung maranéh téh méré bekel keur infaq, lain keur jajan. Rék naon atuh ngaji ari teu di terapkeun mah? Teu nyaah ka kolot? Rék euweuh jelema gé, Allah mah ningali!" Maranéhna tiluan menang ceramahan ti indungna si Yusman. Indungna si Yusman datang jeung adi na si Yusman, jadi si Yusman apal biangkerokna saha.
Saprak ti dinya, maranéhna ngaji téh bener. Tara deui ngabohongan diri sorangan jeung kolot. Maranéhna tara ngadangukeun setan-setan nu siga Ceu Siti kamari. Maranéhna percaya, sakur-sakur kumaha waé nyumput gé, Allah mah nyaho.