Mading Digital

NESAMA
  • Sarana dan Prasarana

    Sarana dan Prasarana SMPN 1 Malangbong

  • Home

    Mading Digital SMPN 1 Malangbong

  • Informasi

    Info Grafis SMPN 1 Malangbong

  • Informasi

    Program Unggulan SMPN 1 Malangbong

MENCRONG

 

MENCRONG

(Dicutat tina https://akwnulis.com/category/fiksimini-basa-sunda/ )

Karya: Muhammad Farid Rubiansyah

Kelas: 8E


Reup. Listrik di kamar hotèl pareum. Uing ngagebeg. Sanajan 5 detik tuluy hurung deui. Tapi matak ngarènjag jeung ngaleungitkeun katunduh. Padahal bieu tèh geus mimiti nundutan sanajan panon masih maksakeun mencrong kana tipi.

“Ah meureun listrikna aliran, tuluy diganti ku gènsèt” kitu nu kabayang dina uteuk tèh. Ngaranna gè di hotèl.

Reup deui, 5 detik tuluy hurung deui. Tah mimiti rarasaan teu ngeunah. Sabab pas keur pareum tèh asa aya nu mencrong ti jamban. Kabeneran pantona teu ditutup, katempo tina eunteung.

Ah titingalieun èta mah” Uing leumpang muru jamban, ditingali euweuh nanaon. Panto jambanna ditutupkeun. Balik deui kana ranjang.

Anteng deui wè nongton tipi, tapi rarasaan masih teu ngeunah. Babacaan sabisa-bisa, mèh hatè teu cus cos kaditu kadieu.

Reup, pareum deui, rada lila. Aya kana 15 detik mah. Diluar jempling jiga gaang katincak. Simpè.
Teu loba carita nangkarak waè dina ranjang lalaunan, ngahèrang. Pèk tèh geuning diluhureun, ucang-ucangan.

Obor Karari

 

Obor Karari

Karya: Muhammad Farid Rubiansyah

Kelas: 8E


            Manéhna aya kénéh dina luhureun ayun-ayunan. Manéhna anggur sidakep bari olohok teu ngiceup-ngiceup. Padahal, wanci geus sariak layungna. Méga geus angkeub. Moal lana deui, brét cai jiga nu dikucurkeun ti langit, ngabaseuhan dunya, ngabaseuhan manah anu kacida garingna.

            Hayang pisan kuring téh ngabagjakeun manéhna. Dijajap dianteur ka imah, nedunan sagala kahayangna. Hanjakal. Kuring kawas kapuk kaibunan, taya tangan pangawasa, rarasaan téh beurat, teu cong teu ceup.

            Saprak manéhna, adi kuring nyalametkeun kuring ti si bebel nepi ka hanteuna, tilar di bumi alam, kawas iwak nangtang sujén. Ngan nu matak nyentug téh, leungeunna nyekel kana paha. Sedeng Tapi ayun-ayunan mah oyag, suwung.

            “Hayu mulih néng, hujan. Ihlaskeun baé patina. Matak kitu ogé geus dipasti ku jangji, dipundut ku nu kawasa. Bapa mah yakin mantenna tos ngajeneng di bale tingtrim.” Bapa nyarita.

            Unggal poé kuring mindeng nempo. Manéhna diuk dina ayun-ayunan.  Kitu wé unggal poé téh, tara lana, ngagedur sakedapan laju pareum teu nyésakeun ruhak, lir obor karari.

Dongéng Kompor

 

Dongéng Kompor

Karya: Muhammad Farid Rubiansyah

Kelas: 8E



             Geus aya kana samingguna, kompor di imah mang Andi teu daékeun hurung. Eta kompor téh geus di parios ku mang Andi, tapi teu katawis naon masalahna, tuluy éta kompor téh dibawa ka tukang sérvis. Ceuk si tukangna mah aya spare part anu ruksak jeroeun komporna, namung da ari hoyong dibenerkeun mah spare partna moal bisa poé éta alatan di tempat sérvisna keur kosong spare part mah.

                Tungtungna mah lieur. Ari mang Andi karunya ka barudak teu bisa deui ngasaan pasakan pamajikanna, ari pamajikanna geus sabaraha poé ieu ukur bisa meulian deungeun sangu ti batur. Ari bahan asakan di kulkas tetep baé ngajugrug, antukna jadi parab jarian. Ari meulian waé deungeun sangu ti batur, atuh duit téh bisa tekor, dompet jeung saku bisa jadi logor.

                “Meuli nu anyar atuh komper téh. Ieu geus ateul lengeun teu bisa pak-pik-pek di dapur. Da ari nungguan ti tukang sérvis mah teuing iraha boa nyalséna gé.” Ceuk pamajikan mang Andi semu kukulutus.

                “Montong ayeuna, neng. Can gajian ti dituna. Sabenerna mah bisa dicandak heula gajina ayeuna. Ngan nya engké, bulan hareup moal bisa gajian,” témbal mang Andi.

                “Tingali nyi, meni watir si bapa teu bisa meuli kompor anyar,” ceuk budak cikal mang Andi bari ngaharéwos ka adina.

                “Terus kudu kumaha atuh?” Adina nu bungsu nanya.

                “Ké isuk urang téangan nu béréhan. Sugan wé aya nu daékeun béréhan kompor mah,” ceuk si cikal tuluy nyikikik.

***

                Isuk rebun kénéh, mang Andi kaciri jiga nu bingung, mondar-mandir teu jelas di hareupeun téras. Biasana mah wayah kitu mang Andi téh sok nginum kopi. Tapi alatan kompor jang ninyuh caina ngadat, antukna mah ukur bisa kikituan wéh ayeuna mah.

                Moal bener ari kieu waé mah caritana. Baé ah kompor mah, paduli rék ngiridit ogé, asal dapur masih bisa ngebul,” gerentes haténa mang Andi, tuluy gék diuk dina korsi. Regot cai téko, asa cai kulkas karasana.

                Haneut moyan, pamajikan mang Andi geus réngsé dadasar warung rék ngajajakeun sayuran, bungbuahan, samara dapur. Kabéh sayur di kulkas dibijilkeun, da sieun kaburu buruk alatan teu bisa dipasak gara-gara kompor ngadat.

                “Néng, Aa bade kaluar heula sakedap rék milari artos injeumeun méh bisa ngiridit kompor.” Mang andi kaciri geus teu sabar hayang geura-geura boga kompor anyar.

                “Nya, A. sumanget milarianna nya. Ngarah engké bisa ngebul deui dapurna, nya!” Pamajikan mang Andi méré motivasi. Mang Andi nu rada éraeun kikiclikan ngingkig semu nu lumpat ti téras imah.

                Teu lila, dua budakna mang Andi kaluar ti tepas imah. Pok bebéja ka indungna rék ulin jeung babaturanna. Heug di izinan. Teu lila jul-jol ibu-ibu pada daratang ngalarisan dagangan pamajikan mang Andi. Ari keur pak-pik-pek ngaladangan nu malésér, jol aya mobil box ditémpélan spanduk “Modeuna.”

                “Jadi kieu kang. Abi téh aya peryogi kadieu rék ngiridit kompor gas, baé lah kompor gas tilas nu murahan gé. Tuman pamajikan kawas nu ngidam budak katilu waé. Teu kaopan sapoé dapur teu ngebul téh. Kukulutus, ngocoblak waé di warung jeung paguyuban ibu-ibu bonnan.” Mang Andi pok nyarita ka kang Acep, tukang parabot di lemburna.

                Kang Acep nyakakak seuri tuluy pok ngomong. “Heug baé rék ngiridit kompor mah, ieu aya mérek ‘Reuneuh’. Kuduna mah, ieu téh ngiriditna 700.000, tapi baé lah harga dulur mah jadi 500.000. bisa lah dicicll tilu bulaneun. Kumaha, rék moal?”

                “Widih, alus euy. Sok atuh, yeuh urang mawa duit dp-na 100.000. Mana atuh komporna, rék dibawa ayeuna yeuh.” Mang Andi kaciri bungah pisan. Asa kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran. Geus kitu mah tenang lah, moal deui ngadéngé pamajikanna ngocoblak nitah meuli kompor. Mang Andi cengkat tina korsi bari seuri bangun nu bungah pisan.

***

                “Héy, naha manéh jiga nu leuleus kitu. Can sasarap sugan?” Ceuk baladana budak mang Andi basa maranéhanana keur arulin di lapang désa.

                ”Puguh wé da kompor ngadat di imah. Heueuh sih bisa kénéh dahar sangu mah, tapi kan ari deungeunna euweuh, asa teu niat rék sasarap gé, tungtungna mah henteu wé sasarap téh.” Témbal si budak cikal bari leuleus.

                “Karunya pisan, makaning geus aya samingguan leuwih euweuh kompor téh. Yu atuh udunan keur meulikeun kompor, kan duit Tabungan maranéh téh geus aya 500 leuwih mah, urang beulikeun kompor tilas wé.” Ceuk baladna nu lian mani sapokna.

                “Sabenerna mah lebar sih duit sakitu lobana jang udunan meuli kompor hungkul téh. Tapi, demi geus lila ngabalad, nya pék lah, paké wé.”

                “Tah urang gé milu udunan.” Salambar-salambar duit di golerkeun dina golodog saung di lapang désa ti balad-baladna budak mang Andi.

                Duit sapuluh, dua puluh, lima puluh, aya kana sabaraha lembarna diasupkeun kana kélér tilas kueh kakarén jang udunan meuli kompor tilas. Budak nu cikal ukur bisa nyengir ningali duit meni numpuk na jeroeun kéler. Ari geus pinuh mah kélerna, der ngider néangan tukang parabot di lembur éta. Balad-balad na mah ukur bisa nepok tarang wé jeung ngelus dada.

***

                “Alhamdulillah, ayeuna mah geus teu kudu lieur deui mikiran bahan asakan di dapur, da gening teu di téang ogé, komporna sorangan anu ngadatangan léwat kiridit mobil boks nu démo tadi. Ngan nya watir wé kétang si Aa bisi can mendakan duit injeumeun. Baé wé lah, ké béjaan lamun geus balik.” Ceuk pamajikan mang Andi bari ngusapan kardus eusi kompor kiridit mérek “Modeuna”.

                Teu lila, mang Andi datang bari nyumputkeun lengeun tukangeun tonggong da rék méré “surprise” kompor “Reuneuh” nu butut tilas ngiridit ti kang Acep tadi.

                “Tah, ieu kompor kahayang enéng téh! Baé nya tilas gé, nu penting mah ni’mat di pakéna, ngebul dapurna.” Mang Andi meni néngtéréléwéng boboléh ka pamajikanna bangun bungah pisan.

                “Alah, A. Naha komporna jadi aya dua kieu. Kumaha engké ngurusna, jaba éta kompor sarua meunang ngiridit nya,” pamajikan mang Andi reuwaseun bari nepok tarang lantaran komporna jadi aya dua. Mang Andi kalah jadi saruana, bingung bari gégétrét sirah najan teu ateul.

                Keur kaayaan lalieur kitu téh. Torojol budak dua, si cikal jeung si bungsu nyunyuhun kardus panjang bari aya mérek “Kualum” ngadeukeutan buruan imah. Kaciri ku mang Andi, atuh saharita kénéh cur késang tiis. Keur mah pamajikanna kawas nu jantungeun waé, matak pikahariwangeun, kaciri aya berenyit dua jiga nu rek nambah pikahariwangeun. Haté mang Andi dag-dig-dug teu karuan saprak ningali budakna nu dua méré “surprise”.

                “Surprise!!! Tingali ieu aya naon mah. Aya kompor anyar, jadi engké mamah teu kedah lieur deui mikiran di dapur kudu kumaha, tos aya kompor da dipangmeserkeun ku rerencangan!” Ceuk si bungsu mani sumanget pisan méré surprise ka mamahna.

                Nyat usik, kaciri kardus kompor numpuk tilu rupa mérek “Modeuna”, “Reuneuh”, jeung “Kualum” aya sahareupeun. Na atuh pamajikan mang Andi kalah ngajéréwét bari nyenyekel buuk. “Euleuh-euleuh, ieung. Naha jadi kieu caritana!”

                Reg aya motor eureun hareupeun buruan imah mang Andi. Kaciri aya kurir mawa kardus ditulisan “Tusbol”. Éta pamajikan mang Andi kawas nu rék ngajéréwét deui tapi ayeuna mah napasna kapotong-potong.

                “Leres ieu bumina mang Andi?” ceuk si kurir téh.

                “M…muhun kang. A…aya peryogi naon?” témbal mang Andi bari terus gék diuk dina korsi téras semu ngabigeu. Barudakna ukur bisa olohok.

                “Oh. Ieu kompor téa pesenan di sérvis, numawi parantos réngsé dilereskeunna. Janten ieu total nyervis kompor téh 350.000.” Ceuk si kurir bari seseurian hareupen pamajikan mang Andi.

                “Alah gustii! Ieuung! tobaat! Ari kieu mah caritana, dapur téh geus lain ngebul deui, bisa-bisa kahuruan unggal poé ogé ieu mah atuuuh!” Lep, pamajikan mang Andi ujug-ujug ngagubrag tina korsi tuluy ngajoprak na téhel téras. Puguh, mang Andi, barudakna, jeung si kurir saroak kabéh.

                Keur kaayaan kitu téh, mang Andi ngadeukeutan pamajikanna da di gupayan. Tuluy pamajikanna hos ngaharéwos. “A. kompor nu ‘Reuneuh’  balikkeun deui wé ka kang Acep, pénta deui duitna. Anu ‘Kualum’ bawa ka lembur séjén, tuluy jual ka tukang parabot saharga tilu parapateun harga awal. Ké nu ‘Modeuna’ ieu mah, urang ruksak heula. Untung aya garansi genep bulan, sugan wé bisa dipaké, ké ditukeur ku duit.”

                Mang Andi mah ukur bisa nyengir bari nyipitkeun socana. Rencana anu geus alus diatur keur pamajikanna ujug-ujug jadi bencana. Bari cengkat nangtung, mang Andi ngomong ka si kurir bari api-api nyakuan pésakna. “Punten nya, A. pami tiasa mah abdi bade ngabon heula nya. Kaleresan ieu nuju teu gaduh artosna. Punten pisan nya, A.” Kurir na mah ukur bisa seuri wé, éta ogé bari rada ngemu kakesel da ngarasa geus diheureuykeun.

***