Gapték
Karya : Muhammad Farid
Kelas : 9K
Barudak keur anteng arulin ngaloprék
konsol game di warnét mang Ikin. Si Saép anu kakaraeun nganjang ka warnét
ngomong ka baladna, si Arul. “Ramé gening euy maén game di dieu téh ning.”
“Éh, kieu-kieu ogé urang mah kapan
geus teu katinggaleun jaman teuing.” Témbal si Arul.
“Resep sigana mun urang boga konsol
game kawas kieu, unggal poé pasti bisa maén game baé nginjeum ka manéh, méh teu kudu
jauh-jauh deui kadieu.”
“Ké atuh urang ménta ka kolot urang,
méh dipangmeulikeun paranti maén game, sugan wé diturut.”
***
Ti dinya, heuleut sababaraha poé, si
Arul ngajak si Saép ulin di pos ronda, nya didatangan ku si Saép. Ana geus tepi
ka pos ronda, kasampak si Arul jeung balad-balad anu lianna keur aranteng
ngoprék tablét bogana si Arul nu karék dipangmeulikeun ku kolotna.
“Laksana ogé geningan manéh bisa boga
tablét.” Cék si Saép bari ngusapan
tablét anyar nu si Arul.
“Yeuh, rék ngasaan moal maén game di
dieu. Tuh tempo, batur mah geus seubeuh maén game tadi.” Si Arul mairan.
“Lamun baé mah, ieu tablét rék
diinjeum ku urang sapoé ayeuna.” Si Saép melas ka si Arul.
Si Arul tuluy mikir-mikir heula
sakeudeung saacan nginjeumkeun tablét manéhna ka si Saép. Manéhna tuluy ngomong. “Heug baé ku urang diinjeuman ieu
tablét. Tapi isuk geus kudu dibalikkeun deui ka urang, kadé ulah tepi ka ruksak.”
Song diasongkeun tablét téh, dicokot
ku si Saép tuluy dibawa ka imahna. Ana datang ka imahna, ku si Saép langsung
baé tablét téh terus diomé. Tapi teu lila saeunggeus kitu, tuluy indungna anu
keur barang asakan di dapur nyampeurkeun ka manéhna.
“Jang, pangmeserkeun asem jig ka
warung sakedap, mamah ieu nuju masak. Ieu artosna ku mamah disimpen di dieu,
enggalkeun nya.” Indung si Saép nitah si Saép ka warung.
Si saép nurut, cul tablét téh tuluy
diteundeun dina méja makan. Sabot si Saép keur balanja asem ka warung, indungna
bingung lantaran talenan anu dipaké nyiksikan bahan asakeun téh les ngaleungit
teuing kamana, dikotéténgan ka ditu ka dieu angger baé teu timu.
***
“Mah.
Ieu asem téa…” si Saép karék balik ti warung. Manéhna tuluy indit ka dapur rék
mikeun asem ka indungna.
Ana datang ka dapur, si Saép kacida
reuwaseunna nempo indungna keur nyiksikan engkol, cabé, jeung wortel. Kumaha
rék teu reuwas, indungna nyiksikan bahan dapur maké tablét anu tadi ku manéhna
teundeun luhureun méja. Éta tablét langsung dicokot ku si Saép.
Si Saép tuluy pepeta ka indungna
tétéla yén anu dipaké alas nyiksikan bahan dapur téh tablét anu diinjeum ku
manéhna ti si Arul jang maén game. Atuh indungna si Saép téh reuwaseun kacida.
Si
Saép tuluy ngilikan kana tablét anu karék dipaké jadi gegenti talenan, sieun
aya bagéan anu ruksak. Najan euweuh komponén anu ruksak, tablét téh teu daékeun
hurung najan geus dipencét unggal tombolna. Atuh si Saép téh kacida sieunna.
Sieun dititah ganti rugi, sieun dicarékan kolotna si Arul, jeung sieun nu
lain-lain deui. Bakat ku kesel, si Saép kalah malik ambek ka indungna, manéhna
jadi nyoroscos teu tarima tablétna ruksak alatan dipaké talenan. Geus kitu mah,
si Saép téh bus ka kamar.
***
Isukna,
enjing-enjing kénéh geus aya anu keketrok kana panto imahna si Saép, dibukakeun
ku si Saép, horéng nu datang téh si Arul. Si Saép sieuneun ditagih jangji ku si
Arul. Ari si Saép rék ngomong, si Arul miheulaan.
“Saép ieu urang mawa colokan casan
jang tablét téa, kapan ti kamari téh can dicas tablétna. Éta pasti ayeuna téh
keur pareum tablétna, yeuh geuwat cas heula.” Pokna téh.
Geuwat ku si Saép langsung dibawa
casanna, langsung dicolokkeun kana tablét téa. sabot ditungguan ngecas, si Saép
ngahuleng. Manéhna mikir, samurukanna gara-gara dipaké talenan, tablét téh jadi
rusak. ari pék téh geningan ukur béak batré hungkul. Kabayang mangsa manéhna
kuat ka nyeuseulan indungna sorangan, si Saép jadi ngarasa dosa. Ahh dasar
budak gapték.
0 Komentar:
Posting Komentar